iRMANNUGADUH IEU. Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

DONGENG SASAKALA PASIRHAYAM


Kocapkeun jaman baheula, boa béh ditueun baheula, aya jajaka anu gagah, sakti jeung mibanda élmu anu luhung. Éta jajaka téh katelah Radén Aria, anjeuna pada mikaresep lantaran kasasama teu weleh nyaah, ka saluhurun teu weleh hormat, ka guru sok ngagugu. Antukna éta jajaka téh diangkat pamimpin kupangeusi lembur, lamun ayeuna mah disebatna téh Bupati téa pamiarsa.
            Dina hiji mangsa Radén Aria keur ngurilingan pilemburan, turun pasir unggah gunung ningalian rahayat bisi aya nu kalaparan, ti katebihan katingal ku Radén Aria aya sepuh nuju mapah, dedeg pangadeg jangkung, nganggé raksukan sarwa bodas, atuh ku Radén Aria gewat ditepangan bari pok anjeuna naros.
“ Assalamualaikum, Mama, bade angkat kamana, sareng timana kawit Mama.?” Sepuh anu tempuh ngawaler : “ Waalaikum salam, aéh geuning hidep jajaka anu ka koncara luhung élmu, hadé tata, hadé basa! Mama téh katelah mah Syeh Abdullah Umar, ari asalna mah ti Banten. Ngahaja Mama téh seja ngalalana, ngitung lembur néang pangarti béjana ieu lembur téh katelah Cianjur, lembur nu subur tur rahayatna sugih mukti.”
“ Alhamdulillah abdi ditepangkeun sareng guru anu pinuh élmu pangaweruh, hatur nuhun Mama kersa ngalalana ka Cianjur dugika tiasa tepang sareng sim kuring,” tembal Radén Aria, semu bungah, bari teras anjeuna nyium dampal leungeun éta sepuh anu luhung ku élmu téa.
Radén Aria teu kantos lami ngajak ka Mama kangge ngarereb di bumina, margi aya perkawis anu baris dibadantenkeun ngenaan maksad Radén Aria hoyong ngadegkeun pasantrén. Radén Aria miharep yén Mama Syéh Abdullah Umar janten sesepuh di pasantrén anu baris diadegkeunana antuk Mama Umar nedunan sakumaha kahoyong Radén Aria, Anjeuna janten sesepuh pasantrén nu diadegkeun dihiji pasir anu jauh kaditu kadieu, nanging pasir éta geus katelah “Pasir Gan Aria”, nu  taya lian nu kagungan pasir téh Radén Aria ku anjeun.

Pasir anu kawitna teu kasabaku jalma rea, antukna janten rame, seueur anu sumping ka eta pasantren boh bade nyiar elmu oge ngan ukur ihtiar neangan pakasaban, aya nu ngadon dagang , ngadon bubuara. Nepika jadi tetep tumetep di eta tempat.
Pasir Gan Aria geus lain pasir deui, tapi mangrupa wangunan pasantren anu agreng, loba imah-imah nu di adeugkeun, antukna eta pasir teh jadi pakampungan anu masrkatna nyalantri tur boga kahirupan anu gemah ripah, repeh, rapih da agama jadi cangkingan masyarakat di eta lembur.     
Dina mangsa harita pasantrén di wewengkon Cianjur ngan éta-étana, atuh loba santri anu daratang ti suklakna-siklukna, pada hoyong janten murid ? Mama Ajeungan Umar langkung ka koncara ka saluareun wewengkon Cianjur, nanging teu kantos lami anjeuna nilar dunya. Sadikantunna ku Mama ajengan éta Pasantrén téh, anu kawit namah santrina dugika ratusan, beuki dieu beuki teu aya anu akhirna kantun wangunan pasantrénna.
Duka taun sabaraha, antukna wangunan pasantrénna ogé ngalelep duka kamana teu aya tapakna, nanging ceuk urang lembur sabudeureun éta pasantrén mah, ari unggal subuh sok aya kongkorongok hayam lebah pasantrén nanging teu aya ujudna éta hayam téh.
Kongkorongokna éta hayam nétélakeun yén méré tangara ka urang lembur kudu tetep hudang subuh pikeun nyiar kahirupan sarta ngajalankeun ibadah.
DIKARANG KU : SITI ASIAH, S.Pd, M.Si

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar